Salam Kadeudeuh di Sindangkasih

-->



Salam Kadeudeuh di Sindangkasih

Dua puluh tilu taun, paingan ceuk caritaan asa kolot, geus meunang umur. Asal keyeng tangtu pareng. Kitu pisan cita-cita Adi mikahayang ka Ami. Bakat ku keyeng mah ahirna pareng. Adi anu kabungbulengan ti mimiti tepung, sanajan nyaho Ami geus pakait ati jeung Agus, ih da kujalan dikeureuyeuh mah nurutkeun sakumaha saran ti Didin, nyaeta ngadeukeutan kolotna, ahirna mah kauntun tipung katambang beas, laksana jadi salakina Ami. Keur Ami sorangan, ieu kajadian jadi bangbaluh anu kacida beuratna, beurat alahbatan ngangakeup bobot ratusan kilo. Hate babakuna mah asa dosa gede ka Agus. Agus anu geus dibere harepan anu kacida endahna, Agus anu geus ngalaksanakeun kahayang manehna sangkan neraskeun sakola ka Caruban, kari-kari ditalikung cintana, kari-kari diparikeuhkeun. Ku Ami pasti kajudi.
Pisakumahaeun bencarna hate Agus, moal bisa kagambarkeun. Moal bisa diupahan. Moal bisa diomean deui. Nyerina hate Agus moal aya piubareunnana. Kukituna Ami anu geus rumasa jalir jangji, sanajan enya oge dipaksa ku kolot, tapi hatena mah keukeuh ngarasa dosa anu luar biasa. Dosa anu hamo bisa dihampura. Lain ku Agus bae, tapi ka sarerea anu apal kana lalakonna. Antukna, kakara oge kawin sapoe, beres dirapalan. Ami langsung gering. Gering anu kacida parahna. Kakara saminggu Ami geringna, awakna geus ngayakas kawas rorongkong hirup. Atuh keur Adi mah jadi musibah gede, lantaran peuting pangantenan can kungsi kaancruban da Ami-na kaburu dirawat di Rumah Sakit.
Kaayaan Agus di Caruban. Enya sapoe, dua poe, saminggu dua minggu, sabulan dua bulan mah. Kaayaanana teh piwatireun. Tapi lila-lila manehna sadar. Yen jodo pati bagja cilaka, lain diatur ku hansip atawa tukang oprek, tapi diatur ku Anu Maha Kawasa. Sanajan cinta sarebu kali cinta ari lain jodona mah dalah dikumaha. Kukituna dina kasadaran ieu, Agus jadi leuwih mindeng tirakat. Agus jadi leuwih getol ibadah. Jadi leuwih deukeut ka Pangeran. Gusti, mugi mugi ieu cocobi sing aya hikmahna kanggo abdi. Sareng mugi Gusti masihan cocobi teh ulah ngalalangkungan kana kakiatan abdi. Jeung Agus jangji dina jero hatena anu pang jero-jerona. Aing moal deuk boga deui kabogoh, lamun lain ka awewe anu rupana, geulisna, bageurna, sagala-galana sarua jeung Ami. Sarua nyengcelakna.
Gusti abdi jangji. Moal deuk boga pamajikan lamun teu ka awewe anu sarupa pisan sagala-galana jeung Ami. Jeung Ami anu geus jalir jangji.
Minangka keur miceun kasedih teh Agus sok numpi di Setudiona, ngalukis. Ngan anu jadi bahan lukisanana euweuh deui, ngan Ami. Duka sabaraha hiji lukisan Ami anu dipajangkeun di Setudiona. Malah waktu ngayakeun pameran oge, anu dipamerkeun teh lolobana, wungkul gambar Ami dina rupa rupa pose mungguhing cinta anu geus kacida nancebna. Atuh nyieun sajak oge teu petot Ami anu jadi bahan sajakna.
Kacipta ku urang pisakumahaeun nyerina hate Agus geus euweuh pupurianeunana. Hiji waktu, bulan ka genep sanggeus narima surat ti Manan anu nyaritakeun Ami jatukrami, Agus maksakeun leuleumpangan di Amparanjati. Sorangan. Ngan sorangan. Agus leumpang bari ngodok pesak calanana anu geus kacida dekilna. Kitu geuning seniman mah sok tara mirosea kana pakean. Boro boro pakean dalah awakna sorangan geus teu kaurus. Malah sakapeung mah sok poho kana mandi sagala, percis weh jiga ajag. Ieu deui eukeur mah eukeur sipat seniman kitu katurug turug kaayaan batinna keur kacida marungkawutna, atuh beuki tambah ramijudna. Agus anu kasep teh bet jadi jiga jalma kurang saeudan. Awak kuleuheu lantaran geus sababaraha poe teu mandi, buuk jabrig ampir nutupan beungeutna. Pakean compang camping, estuning jiga keur nu barangmaen. Matak watir kukituna. Lebah dieu saha anu salah. Urang teu bisa nyalahkeun saha sahana. Agus teu salah, Ami teu salah, kitu deui kolotna Ami henteu rumasa salah, da maksadna mah bener, teu hayang boga anak ngajodo ka budak jabrig, hayang soteh ka anu beresih, beunghar, gede pamerena, jeung bogaeun mobil. Anu kapake nya Adi pisan.
Ti beulah kaler, ti peuntaseun jalan kadenge pisan meni ngajelengeng aya anu gegeroan. Kadenge pisan ku Agus. Apal pisan kana sorana. Teu salah deui eta teh sora si Nyengcelak. Anu ngabogaan sora anu ngoncrang kitu mah Ami. Iwal ti Ami mah euweuh deui.
Agus kuat giak gereret. Katempo Ami gugupay, Agus teu sirikna lumpat meuntas bak bakat ku bungah. Barang srog, gubrug eta dua japati teh silih gabrug.
Teu loba carita Ami gancang ditungtun dibawa ka tempat Agus indekos. Datang ka imah, langsung duanana ngabudalkeun kasono. Lalakon demi lalakon budal tina biwir eta dua rumaja. Budal lantaran hatena anu gelecok hayang ngedalkeun sagala lalakon hirupna ti mimiti papisah tug nepi ka harita.
Beres Agus nyaritakeun kasedihna sanggeus nampa surat ti Manan. Ayeuna giliran Ami ngadadarkeun lalakona.
“Gus, sanjungna Agus angkat ti Sindangkasih, Apa sareng Ema wengina ngajak badami. Teu teu nyangki yen Apa sareng Ema aya manah kitu, cohagna mah Apa sareng Ema teu satuju ka Agus teh. Ema sareng Apa doana teh ka si Adi, teu teu nyangki, horeng Adi teh musuh dalam selimut, singhoreng Adi teh sering ka Sindangkasih, sering nepangan ka Apa, sering barangkirim, eta weh panginten, bade ngolo. Kawuwuh deui sagal diobrolkeun kakayaan kolotna, kakayaan emangna, sareng sajabina. Ongkoh deui unggal ka Sindangkasih sok guntas gentos mobil. Atuh Ema sareng Apa teh kalintang katajina. Sedengkeun ka Agus moyok luar biasa, pajarkeun teh, naon araheunnana di Agus, jaba jabrig teu kuleuheu deui, jaba teu gablegeun mobil, jaba itu jaba ieu. Ah tos weh Apa sareng Ema moal ngaku anak upami Ami bade keukeuh beurat ka Agus.
Gus, ari Ami tea, sakumaha katerang ku Agus, Ami mah ukur pangawak awewe. Heureut deuleu pondok lengkah, kabisa ngan ukur ceurik. Gus, Ami teh ukur nampi kana kadar ti Anu Maha Kawasa. Ami salawasna neneda ka Gusti nu Maha Suci sangkan tiasa ditepangkeun deui sareng Agus. Nya buktosna ayeuna. Ami kabur ti salaki demi cinta Ami ka Agus. “Ngan kuat sakitu Ami nyarita kaburu ngagukguk ceurik”. Teu karasa waktu leungeunna rek ngarawel lukisan leutik, lukisan malati, leungeunna ngagedor wadah cet. Atuh wur teh cet teh anu warna warni tamplok ngabanjur baju Ami lebah dadana.
“Kumaha atuh Mi eta acuk kakotoran ku cet. Mangkaning acuk sakitu bodasna”.
“Sawios...... da sanes dikotoran ku cinta Adi, ieu mah dikotoran ku asihna Agus anu wening beresih”.
Agus kuat narik napas panjang dikitukeun ku Ami teh. Tetela horeng enyaan geuning Ami teh cintana teu daekeun luntur sanajan geus dikawinkeun ka batur oge. Agus keneh anu nyieun kaputusan sangkan Ami balik ka Sindangkasih. Naha ? Lantaran Agus hayang miboga Ami ku jalan anu bener. Agus hayang resmi jadi milik Ami lain ku jalan susulumputan samodel kitu. Agus hayang terang terangan. Saranan kaharti ku Ami. Engke ceunah Ami sadatangna ka Sindangkasih rek nyarita terus terang ka kolotna yen hayang diserahkeun ku Adi. Atuh ka Adi arek balaka, hayang pipisahan lantaran dasarna ka Adi teh henteu cinta. Tah minggu hareup Agus rek ka Sindangkasih rek neang ka kolotna Ami. Oge rek balaka rek nyaritakeun sakumaha anu geus dibadamikeun jeung Ami. Atuh bral Ami miang, dianteurkeun ku Agus nepi ka Terminal.
Sajungna Ami, Agus langsung nepungan Wendi di Amparanjati. Dicaritakeun sakumaha kajadian tepungna manehna jeung Ami. Atuh Wendi kuat teu sirikna surak ngadenge lalakona kitu mah.
”Enya euy kudu kitu, kudu satria. Keun lah ka lemburna Ami mah dianteur ku dewek. Bisi aya nanaon. Ari siap siap mah kapan urang teh kudu. Hahahahahahaha.......... si Adi tea lain si Adi sakatiga”.
Geus kitu mah sapuk weh yen minggu hareup eta dua sobat arek nepungan kolotna Ami di Sindangkasih.
Minggu hareup anu geus ditangtukeun eta dua sobat geus camperego di imahna Ami di Sindangkasih.
“Ieu teh jang Agus tea ?” “Ceuk Bapana Ami”.
“Sumuhun....... eu dupi Ami ?
“Ami ?”
“Sumuhun........ Ami........... dimana ayeuna ?”
Teu antaparah deui segruk teh Indung Bapana Ami careurik aluk alukan. Atuh Agus jeung Wendi jadi deudeupeun. Naha jadi kitu. Kunaon. Jeung loba loba deui patarosan anu teu bisa dijawab harita.
Keur kitu torojol Manan.
“Gus....................... ieu manan”. Ceunah bari top leungeun Agus dicekel terus ditungtun dibawa kaluar. Datang ka luar derekdek Manan ngadongengkeun kajadian anu sabenerna.
“Gus...... Ami teh tos teu aya dikieuna”.
“Iraha ?”. “Dua sasih saparantos ditikahkeun. Harita teh, saparantos dirapalan, brek teh Ami teu damang dugi ka dirawatna di Rumah Sakit. Atuh Adi teu kantos sasarengan bobo sareng Ami”.
“Paingan.... Ami kungsi nyaritakeun.... ceunah masih keneh suci. Can kungsi sare sagebrug”. Ceuk sora hate Agus.
“Ke... ieu teh asa ku araraneh..... hemeng luar biasa. Lamun disebatkeun geus maot naha minggu kamari aya ka Caruban, nepangan ka Agus. Demi Alloh ieu Ami mere saputangan ka Agus. “Ceunah bari ngaluarkeun saputangan kayas anu disulam ku aksara Ami jeung Agus, dikuriling ku gambar jantung hate.
“Ami nepangan ka Caruban ?”
“Muhun..... malah acukna kabanjur cet warna warni”. Ceuk Agus.
Ku ayana eta kajadian aheng, Manan gancang nepungan aparat pamarentah katut pulisi. Oge kalawan panyatujuan ti kolotna Ami, oge kalayan disaksian ku baraya jeung pangeusi lembur, kuburan Ami digali deui.
Heneng kacida heneng. Heran beh ditueun heran. Barang diangkat, mayit Ami anu geus sabulan dikubur teh bet jiga anu kakara bieu dikureubkeun. Mayitna can regrog regrog. Estuning masih keneh beleger. Barang bray dibuka palebah beungeutna. Katempo biwirna imut kuat ngagelenyu. Agus kuat nyeblak. Gancang mayit rontok bari teu weleh disambat ngaranna. Amiiiiiiiii.....Amiiiiiii......, ceunah.
Barang ditempo ku sarerea, singhoreng boehna, palebah dadana ngabayabah kawas anu kabanjur cet warna warni. Lebah dieu sarerea ngarasa hemeng anu luar biasa. Naha bisa kitu. Naha enya atuh Ami kungsi ka Caruban. Naha make mere saputangan sagala, kapan saputangan mah, ceunah ceuk Ami kudu dibikeun lamun aya Agus ka Sindangkasih. Tapi watu ku Rosita diteang kana lomari, da didinya neundeun eta saputangan. Tetela geus euweuh. Anu aya ngan kertas salembar ditilep tilep. Singhoreng tulisan Ami mangrupa wangunan sajak.
TALATAH
Ieu sajak rek diwariskeun
Ka manehna
Ngan cinta arek dibawa
Ka sawarga
Sugan jaga pinareng tepung
Jeung manehna
Anu boga hak pikeun narimana
Amin
Ti harita. Ti saprak ngarandapan eta kajadian. Agus hirupna jadi kadungsang dungsang. Jalan pikirannana geus teu bisa dirobah deui. Geus teu bisa ditarekahan deui. Anu antukna brek Agus gering. Gering anu mimitina tina kagegeringan. Lila lila awakna geus teu kaduga nandangan sagala katunggara. Sakuat kuatna raga manusa, ari dihantem dirongrong ku cocoba lahir batin ahirna kudu nepungan Mantenna. Agus pada ngagotong dianteurkeun ka astana. Dikureubkeun digigireun kuburan Ami beubeulahan hatena. Da kitu pamentana. Lamun pareng tepung jeung ajal, omat pang nguburkeun deukeuteun kuburan si Nyengcelak. Ayeuna dilaksanakeun.
“Agus, muga muga anjeun pareng tepung jeung Ami, di alam langgeng, ditempat anu mulya mungguh Alloh”. Kitu gerentesna hate Wendi.
*****
* Hapunten pisan bilih aya anu sami sareng carita ieu, boh dina ngaran, tempat, sareng caritaanana. Ieu carita mung mangrupakeun carita piktip hungkul.

Comments

Popular Posts