Catatan tentang Sastra (2)

Catatan tentang Sastra (2)

Oleh : Asep Haris Mufadillah


Rambutkasih


Karajaan Sindangkasih

Mangrupa carita babad

Baheula teu kapalire

Sastrawan baheula langka

Pujangga teu pati loba

Atawa kurang ka urus

Tapakna tacan kabaca

Dialam anu geus canggih

Jaman internet jeung pesbuk

Ngaguar lacak baheula

Rumaos tacan katoong

Kakara mangrupa babad

Tapi terus dikotektak

Tina gugel atawa milis

Sangkan sajarahna timu

Bacaeun keur balarea

Lami-lami oge panggih

Asal sabar usahana

Sanajan bari jeung salse

Heunteu bisa gagancangan

Komo mun di rekayasa

Memang ngabutuhkeun waktu

Nu di paluruhna lega

Anu ku urang kasaksi

Tapakna anu baheula

Mangrupa tapakna bae

Carita nu tatalepa

Sanajan teu pati loba

Mangrupa carita sepuh

Ayeuna geus teu kagarap

Komo deuih Rambutkasih

Ceunah teu boga turunan

Najan caroge panggede

Sri baduga nu katelah

Raja kasohor kamashur

Keurna jaman Pajajaran

Najan kitu tetep seungit

Seungitna kamana-mana

Teu di Majalengka bae

Di sakuliahna aya

Patilasan masih nyampak

Najan teu pati kaurus

Sibuk dina pangwangunan

Aya Majalengka pasti

Nagara gemah raharja

Sanajan ukur na dongeng

Eta teh tapak anjeunna

Keur ngawasa di dieuna

Da puguh terahing ratu

Gegeden Sindangkasih tea

Seueur tapak anu pasti

Keurna Pangeran Muhamad

Sanajan ukur carios

Keur anjeunna jadi raja

Kawit aya Majalengka

Eta Garapan ti payun

Tapak lapak nu baheula

Lamun ku urang dipikir

Ukur neraskeun anjeunna

Teu kudu hese beleke

Da sagala enggeus aya

Tinggal loba kadaekna

Hayu batur rempug jukung

Ngawangun daerah urang

Heunteu seueur nu digurit

Ngahaja rek diwatesan

Ulah rek kadalon-dalon

Waktu beak ukur tembang

Nu di imah ngageroan

Sarena teu aya batur

Gulang-guling ngan sorangan



Comments

Popular Posts